2 Raja-raja 8
Hiji mangsa Elisa ngawartosan ka wanita urang Sunem anu anakna dihirupkeun deui tea ku anjeunna. Eta wanita jeung kulawargana dipiwarang ngumbara heula ka mana bae, sabab tanah eta ku PANGERAN bakal didatangan paceklik tujuh taun.
Eta wanita nurut, tuluy ngumbara jeung kulawargana di tanah Pelisti, meunang tujuh taun.
Sanggeus tujuh taun mulang deui ka tanah Israil, tuluy ngadeuheus ka raja, nyuhunkeun supaya imah jeung lahanna ku raja dipaparinkeun deui.
Poe eta raja keur ngadangukeun Gehasi nyaritakeun mujijat-mujijat anu dipidamel ku Elisa.
Sabot Gehasi nyaritakeun petana Elisa ngahirupkeun deui budak anu geus maot tea, wanita teh marek ka raja, ngunjukkeun panuhunna. Ceuk Gehasi, "Gusti Sang Raja, kaleresan, tah ieu wanita anu disanggemkeun teh, sareng ieu putrana, anu dihirupkeun deui ku Juragan Elisa."
Waktu ku raja dipariksa, jawaban eta wanita teh ngaenyakeun kana caritaanana. Geus kitu raja nimbalan ka hiji ponggawa supaya sagala harta milik eta wanita dipulangkeun. Malah laladangan tina hasil lahanna salila ditinggalkeun nepi ka tujuh taun oge sakalian diserenkeun.
Hiji mangsa Elisa angkat ka Damsik. Harita Raja Benhadad keur teu damang. Raja diuningaan yen aya Elisa sumping.
Seug nimbalan ka Hasael, salah sahiji mantrina, "Elisa abdi Allah teh haturanan pangbakti. Unjukkeun kami hayang dipangnaroskeun ka PANGERAN bakal menyat deui atawa moal."
Hasael tuluy nyadiakeun rupa-rupa barang buatan Damsik anu panghadena, dimuatkeun kana opat puluh onta, bral dibawa ngadeuheus ka Elisa. Sanggeus aya di payuneunana Hasael mihatur, "Jisim abdi dipiwarang ku Raja Benhadad, seja nyuhunkeun citeres Ajengan, kumaha anjeunna teh bakal damang deui atanapi moal?"
Saur Elisa, "Sayaktosna Bapa parantos terang ti PANGERAN, raja bakal tereh pupus. Nanging unjukkeun bae bakal damang, kituh."
Geus kitu Elisa neuteup anteb ka Hasael, nepi ka Hasael ngelemes. Berebey Elisa bijilan cisoca.
Ceuk Hasael, "Ku naon Ajengan bet nangis?" Saur Elisa, "Lantaran Bapa terang kacilakaan anu ku hidep bakal dikeunakeun ka urang Israil. Kota-kota bentengna ku hidep bakal seep dihuru, para nonomanana dipeuncitan, orok-orokna dipepejet, nu keur ngarandung dibedelan beuteungna."
Piunjuk Hasael, "Beu, pimanaeun abdi tiasa midamel sapertos kitu? Abdi sakieu buktosna geuning!" "Bapa geus terang ti PANGERAN, hidep bakal jadi raja Siria," waler Elisa.
Geus kitu Hasael mulang, marek ka Benhadad, tuluy dipariksa, "Kumaha saur Elisa teh?" Piunjuk Hasael, "Saurna Sang Raja tangtos damang deui."
Isukna Hasael nyokot simbut dicelupkeun kana cai, tuluy dirungkupkeun kana raray raja, kusek raja pupus. Tuluy Hasael jadi raja Siria ngaganti Benhadad.
Yehoram putra Yosapat mimiti ngarajaan Yuda dina taun kalima Yoram putra Ahab ngarajaan Israil,
dina yuswa tilu puluh dua taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana dalapan taun.
Ari geureuhana teh putra Ahab. Lampah Yehoram teu beda ti lampah ahli-ahli Ahab, kalakuanana awon cara raja-raja Israil, midamel dosa ka PANGERAN.
Ngan bae PANGERAN teu kersaeun ngabasmi Yuda, emut kana jangji-Na ka Daud abdi-Na, yen putra-putra Daud salawasna bakal aya anu ngasta karajaan.
Jaman Yehoram ngarajaan Yuda, urang Edom mungkir, ngaleupaskeun maneh jadi karajaan anu mandiri.
Ku sabab kitu Yehoram angkat nyandak pasukan kareta ka Sair. Di dinya anjeunna dikepung ku urang Edom, tapi peutingna anjeunna jeung para panglima pasukan kareta norobos kepungan musuh, ari prajurit-prajuritna kalabur, baralik ka imahna masing-masing.
Ti semet harita Edom henteu kaereh deui ku nagara Yuda. Sawaktu keneh jeung eta, nagara Libna oge baha ka Yuda.
Carita Raja Yehoram kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.
Yehoram pupus, dimakamkeun di makam karajaan di Kota Daud, diganti ku Ahasia, putrana.
Ahasia putra Yehoram mimiti jadi raja Yuda dina taun kadua belas Yoram putra Ahab ngarajaan Israil,
dina yuswa dua puluh dua taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana sataun. Ari ibuna nya eta Atalya putra Raja Ahab putu Omri raja Israil.
Kawantu ngawargi ka Raja Ahab da geureuhaan ka putra eta raja, Ahasia oge cara ahli-ahli Ahab bae midamel dosa ka PANGERAN.
Hiji mangsa Raja Ahasia samiuk jeung Raja Yoram perang ngalawan Raja Hasael ti nagara Siria. Sanggeus campuh di Ramot wewengkon Gilad, Yoram kabeunangan, salirana taratu,
tuluy bae mulih ka Yisrel rek lalandong, ku Ahasia dilayad.